Kamis, 02 Juni 2016

yang batalin puasa (joke sunda)

Sakedap deui urang bd ngalakonan Puasa peryogi d perhatoskeun aya Tujuh Hal anu matak ngabatalkeun kana Puasa:


1. DIUK

Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,éta nu matak ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis éta gé sarua batal puasana


2. LUMPAT

Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.


3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING

Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas.


4. SURA SEURI

Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.


5. NGALAMUN

Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.


6. MAEN FACEBOOK atawa BBM

Maen Facebook atawa BBM an ogé matak ngabatalkeun puasa lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus Rokok,tuluy diopi.


7. HITUT

Hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatalkeun puasa,hitutna waé bisa ngabatalkeun Wudlu komo ngadahar kulub hui pasti batal puasana...

😁😃😄😂😅.....✌

Tidak ada komentar:

Posting Komentar