Minggu, 23 Oktober 2016

Kopi Kucing 😸😺

Hiburan senin siang

*Unen* : "Cun, ieu kopi naon, naha rada haseum ?"

*Oni* : "Ieu kopi istimewa, Kang... Ampir sami sareng kopi Luwak anu kasoh or tea."

*Unen* : "Oh, kitu .... Kopi naon ngarana ?"

*Oni* : "Kopi Ucing, Kang. Abdi ngadamel nyalira, apan praktek *Ekonomi Kreatip* tea."

*Unen* : "Kunaon dibere ngaran kopi Ucing ?"

*Oni* : "Margi diolahna lewat Ucing. Upami kopi Luwak, Kopina didahar ku Luwak heula sateuacan diolah, upami kopi Ucing mah didahar Ucing heula. Teras diolah janten kopi bubuk. Abdi terinspirasi ku Kopi Luwak, namung supados gampil abdi nganggo Ucing wae...da di imah teh gaduh 15 ucing.

*Unen* : "Ucing beukieun Kopi kitu ?"

*Oni* : "Nya eta, henteu....tapi da kudu kreatip Kang, Kopina ku abdi dipekprek rada kasar, teras dicampur lauk asin, teras diparabkeun ka Ucing". ( *Unen* mimiti ngarasa seu'eul).

*Oni* : "Upami tos kaluar sareng Tai Ucing, teras gerusan kopi teh disaring, teras dipoe dugi ka garing, teras digiling deui. Taah...ieu maah asli, Kang Unen anu pertama nyobian kopi Ucing teh, da teu acan pernah disuguhkeun ka nu sanes. Abdi oge teu wantun nyobian nyalira, rada geuleuh. Kumaha Kang,... Raos kopina?".

*Unen* : "Gelo, Goblog, Belegug siah teh .... sasangkleng pisan teu boga pipikiran geuning maneh teh... Aing nginum tai Ucing Asli!!!
😽😽👊🏿👊🏾👊🏽👊🏼👊🏻👊

Tidak ada komentar:

Posting Komentar