Senin, 24 Oktober 2016

Humor sunda .๐Ÿ˜‚๐Ÿ˜Ž๐Ÿ›๐Ÿฑ๐Ÿพ

*selasa sunda*
BEKEL KEUHEUL

๐Ÿ‘ถ​Dul (8 th) budak Kuningan, dianteur indungna megat bis.
๐Ÿ‘ทKenek bus: "Bandung, Bandung Bu?".
๐Ÿ‘ฉ​Indungna Dul : "Pa tulung nya, engke mun geus nyampe Sumedang, pangbejaankeun ieu budak.
๐Ÿ‘ทKenek: "Muhun Bu...Tariiiikkk".
๐ŸšŒdi terminal Cikijing, Dul nanya ka kenek bis, "Tos nyampe Sumedang atawa teu acan Mang?".
๐Ÿ‘ทKenek: "Teu acan Jang... masih lila keneh".
 Nyampe Majalengka, Dul nanya deui, "Tos nyampe ka Sumedang teu acan Mang?".
๐Ÿ‘ทKenek: "Acan Jang masih jauuuuhh".
๐Ÿ‘ถ​Dul bosen tatanya terus.  Akhirna kasarean. Bus terus maju arah ka Bandung. Teu karasa bus lewat Sumedang nyampe Jatinangor. Kenek poho pesen indungna Dul. Pas inget, kernet langsung ngomong ka supir,"Duuh Kang, kuring asa dosa ka budak eta, bari nunjuk ka si Dul nu tibra sare.
๐Ÿ˜ŽSupir : "Kunaon kitu?".
๐Ÿ‘ท Kenek : "Indungna titip pesen mun geus nyampe Sumedang bejaan budak eta".
๐Ÿ˜ŽSupir : "Wah, kumaha ari silaing, Sumedang geus jauh", Jawab supir, bingung.
๐ŸŒฟAkhirna supir balik deui ka Sumedang sanggeus menta persetujuan penumpang nu sejenna. Kulantaran si Dul masih budak keneh, penumpang kabehan satuju mobil balik deui ka Sumedang.
๐Ÿ‘ทKenek : "Jang... hudang geus nyampe Sumedang"... bari nepakan awak si Dul...
๐Ÿ‘ถ​Dul ngorejat, "Nyampe Sumedang Mang" terus si Dul buru buru muka sangu timbel ti indungna, oncom lauk asin sambel... belewek dahar...
๐Ÿ‘ทKenek nanya, "Arek turun di dieu....?"
๐Ÿ‘ถ​"Henteu Mang.. Pan uing arek ka Bandung, pesen si Ema mun nyampe Sumedang .. bekel sangu timbel ti Ema sina didahar", jawab si Dul bari ngahuap sanguna.
๐Ÿ‘ฌKenek, supir, jeung kabeh penumpang ngomong bareng: "Borokokok pisan ieu budak ... atah adol"๐Ÿ˜„๐Ÿ˜„๐Ÿ˜„

#Wwkwkwk......๐Ÿ˜œ
#Wilujeng seuri..... ๐Ÿ˜…
 #Wilujeng selasamanis...๐Ÿ˜
 #Wilujeng wayah kieu..๐Ÿ™

Tidak ada komentar:

Posting Komentar